Selasa, 10 Mei 2016

·         CURHAT NGENAAN KAULINAN BARETO 
JENG KIWARI




"Rada haneeul ka pilem si boy teh..!!"
Tangtos na urang sadaya arapal kana lalakon si boy anu aya di anak jalanan ceneul RCTI... alus sabener na mah eta lalakon teh, keur mah kasep bari sok nulungan saha we nu kudu di tulungan.
Tapi da sabenernamah barudak urang tong waka kudu diwanohkeun jeung lalakon nu beunghar, boga motor badag, rejeng adegan kekerasana eta...
Ngadag ngadag barudak jaman ayeuna anu smp malihan mah sd tos rea marake motor badag, da hayang jadi jawara kawas si boy,, kadang nu kolot na beunghar mah di pangmeulikeun we eta motor badag pamenta si budak. Bari teu di titenan jeung teu aya deui perhatosan kunaon jeung keur naon eta budak hayang boga motor badag, da sibuk bisnis tea kolot na, "nu penting mah budak bungah". meren...
Padahal mah eta teh ngajurumuskeun si budak seuna anclum asup ka jalanan anu tungtung gabung jeung club motor, anu sababarahana rada lumpat kana kata anarkis...
Kuring mah sok hayang balik kajaman harita, mangsa jalan raya teh acan rea ku motor, nu make kareta mesin ontel (sesebutan sapeda baheula) ge acan pati rea da kasebat barang mahal bareto mah, malihan mah nu kagungan wahon ge( sesebatan mobil baheula) kaitung keneh ku curuk.
Baheula mah meren, da kuring ge teu kungsi ngalaman... si kolot teh baralik ngebon tengah poe teh mawa suluh jeung awi, salian keur masak eta suluh jeung awi, si awi teh di pake nyieun rorodaan keur si budak, saking hayang mere bungah ka budak na.. Nyieun rorodaan na teh di barengan ku budak na nu alewoh loba tatanya, bari di baturan ku indung na nu keur nyiaran adi na sabari nyaneut kulub sampe hasil kebon bapak na nu di haneutan ku cai enteh panas tina teko nu baheula mah kendi keneh. Lumpat kasorenakeun si rorodaan teh geus jadi, si bapak ngajarkeun kabudak make eta kaulinan bari sasakali pangadorongkeun. ngarasa geus bisa, eta si budak ngajak adi na nu keur di siaran ku indung na, make eta rorodaan bari di pangadorongkeun sakali ewang,
Teu lila babaturan eta budak teh ngariung di eta buruan da ningali aya kaulinan rorodaan eta.. bari ngadodorong adi na, eta si budak balakecrakan jeung babaturana nunutur ngadorong eta rorodaan nu di tumpakan ku rayi na tea..
Beuh... ki dulur... meren iyeu nya nu di sebut silih asah, silih asih, silih asuh teh,, Bapak na nga Asah, ngajarkeun pikeun budak na bisa ngarobah hasil bumi sangkan jadi rorodaan nu boga fungsi leuwih, Indung na Mika asih ka Salaki jeung kanu jadi budak mang nyuguhkeun Sampe jeung cai enteh pikeun ngahaneutan eta suasana. Si budak ngasuh adi na pikeun anteng naek eta rorodaan nepika tatangga na, babaturan eta budak milu resep pangasuhkeun adi na nu keur naek eta rorodaan..
Geus hese ayeuna mah ki dulur manggih suasana kitu teh.. bapak na saribuk di kantor, indung aya oge anu karir, si budak na mah meren tinggal narimaan duit ti kolot na we, bari kolot na teu apal eta duit ku si budak di pake naon....
Ah... urang mah kudu ngalobakeun Husnudon we, hade sangka. Mudah mudahan eta barudak zaman kiwari teh bisa ngajagi amanah ti kolot na anu eunya da saribuk so teh pikeun kamajuan barudak na..
Pun sampun kuring neda rea pangampura bilih dina basa atawa caritaan nu ku kuring serat ti luhur aya tutur saur teu ngajalur nu di caturkeun, rejeung teu merenah kana manah nu maca iyeu carita.. Anggap we iyeu mah curhatan pangeling ka diri abdi pribadi, rejeung sing aya panggugah ka baraya salerea sangkan urang teh tong kabawa teuing ku arus moderenisasi, arus pasar global. Sing panceg dina jalur pangwaris urang salaku ajen inajen ki sunda anu amis budi gemah ripah repeh rapih..

Cag...
WASAALAMUALAIKUM WR. WB

Sabtu, 07 Mei 2016

NASKAH runtuyan acara
Prosesi upacara adat PATURAI TINEUNG
 SISWA / SISWI
KELAS VI sd, IX smp, XII sma / smk




                        




                                                        





                







Di Publish Ku : M. Indra Yuliansyah s. pD. sd

NASKAH PROSESI PANGBAGEA
PATURAI TINEUNG SISWA / SISWI KELAS 6


* Prolog bubuka : gending geder ( 4 / Ti )

Niti wanci nu titih rintih
Ninggang mangsa nu nalangsa
Bral anaking geuera miang
Mugia hidep aya dina kajembaran
Heup nepi kapoe iyeu hideup di ajar ku ibu jeung bapa
tuh tingali, kumelip bentang endah gumawang
Bral Geura teang anaking
Bral geura miang

* Di buka ku rajah pamuka : gending geder ( 4 / Ti )

            Pun sampun ka sangrumuhun sangrumuhun nu beh ditu
Pun sampun ka sangrumuhun sangrumuhun nu beh ditu
Manawi tatamu saha
Rumaos ua leleda
Dilanglangan kasimpangan
Sugan geus lambaran beja
Sakedap antosan heula uwa tumut kasalira
Seja ngembarkeun bewara kasakumna balarea
Pun sampun
Uwa nebarkeun nu sumping
Tuh atra ngaleut ngalabring
Der gending geura ramekeun
Bral miang geura papageun
Bur payung geura bukakeun 3X

* Payung agung, Penggawa, Jeung Umbul-umbul mapag di pirig ku gending Gambir sawit

* Ua lengser mapag di pirig ku gending kunang – kunang
Paman lengser mugi lungsur
Tuh tatamu tos sarumping
Ngaleut ngengkleung ngabandaleut
Ngembat ngantai nyatang pinang
Mangga geura bageakeun
Mangga geura bageakeun
Tuh ua lengser Dangdan dangdang meuni mencleng
                        Lir satia totopong na meuni neuteup
Leumpang gagancangan ampir ti gebrus ka kulah
Leumpang gagancangan ampir ti gebrus ka kulah
Tuh ua lengser Dangdan dangdang meuni mencleng
Lir satia totopong na meuni neuteup
Totopongna condong, teu beda lir maung ompong
Totopongna condong, teu beda lir maung ompong






* Dayang Mapag di pirig ku gending  lalayaran

            SEKAR MANIS :         Ku lucu malati Nu aya di taman taman sari
 Ku lucu malati Nu aya di taman taman sari
 Hiur seungit manis Nu geulis putri mantili
 Hiur seungit manis Nu geulis putri mantili

 Ku hegar ermawar Nu aya di taman sekar
 Ku hegar ermawar Nu aya di taman sekar
 Sedeng mangkak barekah Aduh manis jeung dahlia 
 Sedeng mangkak barekah Aduh manis jeung dahlia 

Kleung ngangkleun sagara ombak – ombakan
Kleung ludeung sangsara bongan sorangan
Kleung ngangkleun sagara ombak – ombakan
Kleung ludeung sangsara bongan sorangan

Haturan haturan, haturan wilujeung sumping
Haturan haturan, haturan wilujeung sumping
Di anti anti kamari
Di antosan ti baheula

Kleung ngangkleung sagara ombak – ombakan
Kleung ludeung sangsara bongan sorangan
* Ngalung bunga (Mangle’)

            Kembang tawis pangbagea
Malati sacaning ati
Bodas nyacag
Pangabengras
Satia bageanana

* Ua lengser ngajajap rombongan kelas genep ka panggung, nu di teraskeun kana sembah sungkem di pirig ku gending catrik kawih dareuda pileuleuyan.
Paturai…. Pileuleuyan pileuleuyan
Ti ayeuna urang teh bakal paanggang
Anggang so’teh ukur dina titinggalan
Teubih so’teh duh tina reretan
            Dina manah urang teh teu pileuleuyan
            Dina ati teu paanggang
            Kaemutmah urang kantos sasareungan
Pileulueyan piuleuleuyan duh lahir paangang






*SEMBAH SUNGKEM

- *Narasi panganter

Anaking
Mimiti poe iyeu hidep rek anggang
Genep taun hidep diaping ku bapak ibu guru
Aranjeuna nu ngatik ngadidik hidep ti leuleutik
Najan kudu maut huntu, mesat iga
Dalah dikumha, da eunya geus jadi pancen aranjeuna
Prak geura nyuuh nyusruk dina lahunan bari penta pangampurana


*Sembah sungkem kelas VI
-*Narasi prolog siswa

Ibu
Cunduk waktuna abdi undur
Bapa
Murag mangsana abid wakca
Parengna ayeuna pisan.  
Galindeung nelengnengklung
Nganterkeun abdi kana gapura kawaas
Kawaas harita genep taun
Abdi di ayun – ayun ku kadeudeuh ibu
Genep taun abdi di ambing – ambing ku ka asih bapa

Teu aya deui gerentes hate nu baris di ungkara
Mung paneda hapunteun tina kalelepatan anu ku abdi dilakonan
Yasa sareng wening galih ibu bapa
Kasangga kalingga murda
Katampi ku asta kalih
Disareungan ku panuhun anu taya lekasanana

Pangdu’a ibu sinareung bapa anu baris mungkas tepang urang
Wilujeung kantun bapa
Wilujeung kantun ibu





-*Narasi prolog guru

Anaking…
Kiara nu  ngarandakah asalna ngan  ukur  siki nu gedena moal leuwih ti sagede jempol
Garuda paksi nu ngapung ngawang – ngawang ngapak mega malang
Asalna ngan ukur endog nu gede na mo leuwih ti sagede perep.
Pon itu anaking….
Asa kamari hideup di ajar maca jeung ngitung.
Kamari pisan imut kareeut mapaesan endahna taman wiyata.
Awak leutik camperenik dina pulas polos, raray tangah  miharep diguratan.
Ngagenclang panon hideup netep pangareupan.
Bungah pisan mun harita hideup jadi pinunjul.
Kerep pisan kahoncewangan mun hidep teu tuhu kana pancen,
Kiwari hidep kudu mulang ka jati ning indung bapa.
Yakin temen dating jeung mulang silih baganti.

Saeutik pamenta ibu,,, masing suhud narungtut elmu.                            
Masing daria nyarungsi pangarti.
Sing kahade tong galider,
poma ulah rek rentas di jalan.
Kudu junun satungtung umur.
Bral geura miang anaking
Kadeudeuh ibu maneh meungkeut pageuh,
kanyaah bapa natrat sajajalan.
Tong honcewang ujang, kasep,, geulis,,
hariring angina ngagalinding nganteurkeun anjeun arindit.
Geura incah neuleuman sagara Allah ta’aala.
Unggahan gunung kakawasaan Allah nu maha agung.
Omat ulah rek adigung adiguna,
ulah rek agul ku pangabisa, atawa awuntah ku pangaboga.
Da kawaluyaan estu ukur injeuman, sakabeh allah ta’ala nu mibanda.
Bral geura miang anaking….
Geura ngaji kupangarti, geura hirup ku elmu.
Prak geura penta pangdu’a Indung bapak kana ridoNa.
Sing yakin kana wicaksana aranjeuna.

Niti wanci nu titih rintih
Ninggang mangsa nu nalangsa
Bral anaking geuera miang


-*Narasi panutup sembah sungkem
Jung nangtung anaking…..
Geura lieuk ka lebah kenca
Mungguh indung nu kudu dipunjung
Saeunyana bapa nu kudu di puja
Ayeuna hampeuk anteurkeun
Kabagjaan hideup ka aranjeuna..

-* Serah terima siswa kelas VI ti Kepala Sekolah ka orang tua siswa anu bade diwakilan ku ketua dewan sekolah

-* Serah terima STTB SD ti kepala sekolah ka wawakil siswa secara simbolis ( Saterasna di sanggakeun ka orang tua na

-* Narasi panyambat

Bagea anaking pangwilujeung ibu bapa mareungan panggupay hideup poe ieu.
Sakali deui hampura ibu hampura bapa,,  
ngan sakitu – kituna kabisa ibu jeung bapa ngatik ngadidik hideup.
Hiyap anaking kadieu, geuwat geura ngantay laleumpang jeung ki sobat.
Prung geura nguntun ramo patutuyun jeung batur – batur.
Urang imeutan sagala kasalahan.
Jangji goring parangi urang pupus tina sanubari.
Ampun paralun anaking.
Ibu sinareung bapa lain rek nundung..
Katineung poe iyeu urang teundeun dina handeuleum sieum,
Urang tunda dina hanjuang siang….
Cag


Cipanas, 30 Mei 2014
M. Indra Yuliansyah












-* Sawer Pikeun piwuruh murang kalih

Kidung :           Bismillah ngawitan ngidung
Sumalindung ka illahi
Ka allah nu maha heman
Ka asep geulis sarindit
Kanu keur kasinugrahan
Rahmat jeung hidayah keur hidep sadaya

Kuna sari :       Nyukcruk galur ti karuhun, nutur lacak para wali
Jembar ka balarea, Titinggal ti nini aki ngawaris kabudayaan
Seni sunda Sawer asih

Muga agung cukup lumur, neda jembar pamaksami
Bilih aya kalepatan
Bilih ayeuna simkuring nyawer hidep nu bakal paturai
Nyanggakeun mugi di tampi

Payo    :          Hidep mimiti di wuruh, Dangukeun ku dua cepil
Simpen di manah nu jembar, Ayenamah beda deui
Jaman hidep lalagasan, Teu aya anu meredih

Minangkit iyeu kapayun, Hideup kedah tatih tatih
Ngajalankeun kawajiban, Tuluy ngudag cita – cita
Di ajar sing daria, Sangkan hidep hirup bagja

Akang nyawer mung sakitu, Mugia hidep anakaing,
Runtut rawut sauyunan,
Kacai jadi saleuwi, Kadarat jadi salebak
Jaauh balahi, parat riski

wur tawu jati rahayu
rahayu mancing walagri
    
Amin ya robbal alamin
Mugi allah nangtayungan







SALAH SAWIOS  KAWIH – KAWIH KANGGO MIRIG NU SUNGKEM UPACARA PATURAI TINEUNG SISWA

 
                        Nelengnengklung
          Nelengnengkung 2x
         Geura geude geura jangkung
         Geura nyiar elmu luhung
         Geura mikanyaah Indung
            Lunta ka curug cipandak
            Dugi kana babantara
             Cintana indung ka anak
              Sesah milari pantarna
           
           
Dareuda - Pileuleuyan
Paturai…. Pileuleuyan pileuleuyan
Ti ayeuna urang teh bakal paanggang
Anggang so’teh ukur dina titinggalan
Teubih so’teh duh tina reretan
            Dina manah urang teh teu pileuleuyan
            Dina ati teu paanggang
            Kaemutmah urang kantos sasareungan
Pileulueyan piuleuleuyan duh lahir paangang


Pupunden Ati
Duh anak ibu, Nu geulis pupunden ati
Geus bias ulin, geus capetang jeung ngopepang
Teu weleh deudeuh, najan bangor  toloheor
Tambah kanyaah, sarengkak saparipolah
Duh anak ibu, nu geulis pupunden ati
Ibu ngahariring, lain hariring birahi
Duh bari nembang, lain perbawa asmara
Di eyong eyong, lain eyong teu sabrongbrong

Sapu Nyere
Ririungan urang karumpul
meumpeung deukeut hayu rang sosonoan
Macangkrama bari ngawadul
urang silih tempas silih eledan
       Moal lila jeung babaturan
       hiji wanci anu geus ditangtukeun
      Bakal pisah bakal pajauh
      bakal mapohokeun katineung urang
Sapu nyere pegat simpai bakal kasorang takdir
ti Gusti Hyang Widi pasti kalakon
Urang rek papisah urang rek pajauh
meumpeung deu keut hayu rang sosonoan
Kawih Persembahan ti kelas 6 :                                                              
GURU
Guru pahlawan mulia
Tekad anjeun nu satia
Ngadidik henteu pandang pamrih
Ngajar teu mihareup jasa
            Hujan teu jadi halangan
            Panas henteu laas laas
            Najan loba rintangan
            Anjeun henteu weuleh datang
Wilujeng ka bapa guru
Wilujeng ka ibu guru
Anjeun insan teladan
Pahlawan sagala jaman
            Ranggeuyan sungkeman ka heman
            Kanyaah nu moal sirna
            Rek di bawa sanajan ka amerika
            Di keukeup di tunda di piguraan
Ranggeuyan sungkeman ka heman
Kadeudeuh meumpeng padeukeut
Rek pajauh saukur ninggalkeun bangku
Hate mah lir gula rejeng amis na
 PATURAI PILEULEUYAN
Asa kamari, urang sasareunga
Di ajar di aping ibu bapa guru
Asa can lami urang sasareungan
Cunduk waktosnaayeuna papisah
Papisah urang bakal papisah
Pateubih urang bakal pateubih
Paanggang urang bakal paanggang
Paturai urang bakal paturai
Lulus ujian kacipta bungah na
Ibu bapa guru nu ageung yasana
Junun sakola ngudak cita – cita
Muga – muga jaga, urang tepung deui
Pileuleuyan sobat – sobat salerea
Pileuleuyan duh ibu bapa guru
Rek papisah kacipta sedihna
Pileuleuyan nu kantun waas na                                                          
                                                                       

                                                                        Panutup ti simkuring :
Sakitu nu kapihatur
Kabayan na bade miang heula nyak ka lembur batur, ke ge mulang tos waktos na mah..
  Cag...!!!!!

      M. Indra Yuliansyah S. Pd. SD