Senin, 23 Juli 2012


Rd Jayasasana (Wiratanu I),
Bopati Cianjur ka I

FILED UNDER  CIANJURDONGÉNG
Putra cikal Aria Wangsa Goparana jenenganana Rd Jayasasana, ti anom na keneh anjeuna damelna mung ngulik agama sareng tatapa. Patilasan tapana dugi ayeuna aya keneh, di antawisna di pasir Sagalaherang sareng guha Citarum.
Numutkeun carios (wallahu’alam), sareng kapercayaan nu aya keneh khususna di kalangan rundayan seuweu seuwi Wira Tanu (Datar) waktos anjeuna tapa kasumpingan jin Islam mangrupi istri geulis kawanti-wanti. Ieu jin kantos ditikah kalayan kagungan putra 3 nyaeta:
1.Aria Suryakencana
2. Indang Sukaesih
3. Andaka Wirusajagat
Nuju aralit keneh ieu palaputra sok dieyong diayun dina sinjang ngarah enggal kulem. Hiji mangsa nuju dieyong leungit, sanggem carios dicandak ibuna Aria Suryakencana dicandak ka Gunung Gede, Indang Sukaesih ka Gunung Ciremai, Andaka Wirusajagat di Gunung Kumbang. 

Dugi ayeuna wartosna turunan cikundul aya pantrangan teu kenging diayun dina sinjang. Sareng upami aya kagungan hajat pepestaan ria (ulang taun kota Cianjur) sok nganggo iring-iringan disayagian kuda kosong lengkep panganggo sela sareng dipayunan sakumaha biasana kanggo dalem. Kuda sok ngoprot kesangan leumpangna kawas nu ripuh pisan, numutkeun carios eta kasumpingan Suryakencana.
Saparantos janten Dalem Raden Jayasasan the ngango gelar Aria Wira Tanu heunteu nganggo Datar upami nu nganggo Datar mah Wiratanu IV.


Kinten-kinten taun 1635, Rd Jayasasana ngalih ti Sagalaherang milari padumukan anyar leresan Cikundul, salah sahiji walungan di kacamatan Cikalong kulon kiwari. Cacah heunteu ngempel di hiji tempat nanging mencar, umumna mah caket wahangan cibalagung, cirata, jst. Sementawis eta Rd Jayasasana nyusur walungan Citarum dugi ka gunung wayang nepangan Rden Haji Abdul Syukur jujuluk kanjeng sunan Pager Batang, putu Pangeran Girilaya..
Aleutan cacah anu ngiring sareng Wira Tanu I the sanos padumukanana mencar oge tetep ngarupikeun hiji golongan (gemeenschap/walanda,kesatuan/Indonesia). Nganggo basa ilmiah mah cacah, nu ngiring ka Wira Tanu I the kasebat hiji volksgemeenschap (kesatuan masyarakat). Saban kesatuan ngagaduhan kepala, hubungan kepala sareng kesatuan dumasar kana kapamingpinan. Kesatuan Wira Tanu I disebat cacah Wira Tanu bae sakumaha nu kasebat ku Puspawangsa waktos ngayakeun cacah jiwa. Lami-lami dina kesatuan the lahir tata cara hirup kumbuh anu wajib dataati ku unggal cacah Wira Tanu sarta janten sifat mandiri.
Kawajiban alamiah unggal kepala kesatuan the nyaeta ngadu jajaten dina aya bancang pakewuh, sapertos upami aya nu ngarugurug ngadon ngaboyong rahayat, anatanapi aya maling rampog nu ngaganggu Diana katentreman masyarakat. Kumargi kitu kepala kesatuan langkung cocog upami disebat panglima atanapi senapati. Daerah bawahanana disebat kasenapatian. Wira Tanu I ngawitan mah teu benten ti hiji senapati sanes Dalem sapertos Dalem Sumedang, Bandung jsb. Istilah Dalem ngandung hartos ayana pamarentahan jero nagara, sedengkeun kepala kesatuan Wira Tanu I masih aya Diana tahap kasenapatian.
Pamukimam nu anyar dicicingan ku sababaraha cacah disebat babakan pibakaleun lembur. Lembur mekar janten kampung, kampung janten nagri. Kumpulan nagri janten padaleman, kapalana nyaeta Dalem. Kapala nagara namina raja, sultan atanapi gelar sjb.
Cacah Wira Tanu I maratuhna di sabaraha nagri. Wilayah nagrina janten hak milik sarta bawahan Wira Tanu I. Harita nu jadi ibu nagri nyateta Cikundul.
Taaun 1645 Rd Senapati Kiayi Aria Wira Tanu ngalakukeun panalungtikan di tilas wilayah Padjajaran Tengah, sareng Padjajaran Girang dugi ka Cisadane nu ngajorok ka walungan Ciberang di Sajira, kabupaten Lebak (Banten) ayeuna. Anjeuna wangsul ngalangkungan Ubrug, walungan citatih, istirahat samentawis di sisi walungan Ciheuleuy sirah cicatih di daerah Parung-Kuda, Pangadengan ayeuna lajeng anjeuna naek gunung sedah kencana (ayeuna gunung gede) di suku gunung beh kaler dugi ka padepokan (pasantren) Kanjeng Aria Wangsa Merta di tarekolot, Cikarta Nagara (ayeuna cinangsi).
Dina hiji mangsa sababaraha adipati ti kawasan Padjajaran tengah, girang, nu ngacakup Cianjur, Sukabumi ayeuna ngumpul di puncak gunung nu biasa dianggo tempat musyawarah ku para raja (adipati). Ti mangsa Pakuan Padjajaran sering diganggu musuh ti luar, tempat eta disebat Gunung Rompag dan disebat kitu kumargi senjata prajurit Padjajaran tos rompag (bergerigi) akibat dianggo perang 50 taun. Tempat eta aya nu nyebat “Karamat Pasamoan”, lajeng nu hadir nyaeta :
Syeh Dalem Haji Sepuh Sang Prabu Jampang Manggung nu asalna ti nagri Singacala bawahan Galuh, nu di tanah Pajampangan dikenal sareng nami Syeikh Haji Mulya, Syeihh Haji Soleh, sareng Syech Aulia Mantili.
Kanjeng Aria Wira Tanu Cikundul, atanapui Pangeran Jaya Lalana, julukan Raden Ngabehi Jaya Sasana, sareng Pangeran Panji nata Kusumah.
Raden Sanghyang Panaitan, Rd Widaya jujuluk Pangerang Rangga Sinom di Sedang, Kanjeng Adipati Sukawayana.
- RadenAdipati Lumaju Gede Nyilih Nagara ti Cimapag
- Kanjeng Kiayi Aria Wangsa Merta ti Tarekolot, Cikarta Nagara
- Kanjeng Dalem Nala Merta ti Cipamingkis
- Pangeran Hyang Jaya Loka ti Cidamar
- Pangeran Hyang jatuna ti Kadipaten Kandang Wesi
- Pangeran Hyang Krutu Wana ti Parakan Tiga
- Pangeran Hyang Manda Agung ti Sancang
Lajeng maksad ngumpul eta kanggo ngabahas kahoyong para Adipati ngajalin kerjasami langkung erat, terutami nangkal ancaman ti luar. Kumargi kitu dibutuhkeun pamingpin nu tangguh, nu nyepeng tangkai nu disebat Raja Gagang (Raja Nyepeng Tangkai). Usul ti Prabu Jampang Manggung disatujuan ku sadaya nu hadir, pilihan ka Kanjeng Dalem Aria Wira Tanu, Dalem Cikundul.
Hal ieu memang tos diperhetangkeun sateuacana, sabada shalat Jum’ah nu waktos harita sami sareng bulan purnama Rabiul Awwal 1076 H, atanapi 2 Sepetember 1655, medal nagri Cianjur, manrupi nagri berdaulat, merdika, berdaulat teu tunduk ka kumpeni, mataram, Banten, tunduk nanging ka Allah SWT. Nagri ieu dipimpin ku Aria Wira Tanu, Dalem cikundul Raja Gagang. Tina buku “DE PRIANGAN” jilid 2 kaca 130 karya Dr F de Haan sareng ti “Daghregister Walanda kaping 14 januari 1666 ayana catetan ti laporan perjalan Sersan Scipio nu nyatekeun yen ditampi serat ti “Raja Gagang” nu nyatakeun Raja ti Pagunungan (connick in het gebergte) teu dijajah ku mataram, banten, cirebon, kumpeni ngan langsung tunduk ka Allah SWT.
Taun 1677 nalika Dalem Cikundul janten Raja Gagang, Raja Sunda di Pagunungan orientasi ka perbatasan Banten sareng tilas Padjaran Girang, Padjajaran Tengah.
Taun 1684 sawios Sembah Dalem Cikundul ngemban tugas Raja Gagang kaayaan kaaamanan ti jero nagri khususna di wilayah Cianjur terkendali sareng sae, sementawis putera Dalem Cikundul nu aya di Sagalaherang tos ngisat diri (aqil baligh) sareng anjeuna ngayakeun persiapan sareng latihan di bawah pengawasan Rd Aria Yuda Menggala rai dalem Cikundul. Rd Wira Menggala harita aya di pasantren tare kolot diistrenan ku ramana jante pawaris Dalem Cianjur jujuluk Kanjeng Aria Wira Tanu II (dalem tare kolot). Sementawis dalem Cikundul janten pamingpin di Pasantren Cikundul.
Pangperangan
Dina mangsa Aria Wira Tanu I Cianjur kantos ngalaman perang, dina sasih desember 1679 wadya balad Banten ngalangkung ka Maroberes (muara beres kaler Bogor sisi cisadane) total jalmina 800 urang dipingpin ku 3 hulubalang rek ngajugug ka Sumedang. Sasih januari 1680 wadya balad cianjur dipingpin ku Santaprana megat wadyabalad Banten, der perang compuh rongkah pisan. Santaparana jeung 1 lurah dipaehan ku urang Banten jeung rahayat umum di pagunungan heuteu kaitung, urang Banten leugiteun 47 urang. Lian ti eta ngarampas 103 munding jeung sapi kajantenan ieu dina sasih Februari 1680. Lajeng Wira Tanu I mepek wadya balad, ayeuna wadyabalad Cianjur ditambih jeung Cikundul.
Dina raraga ngayakeun panarajang balesan , Wira Tanu I the bade ngarebut deui cacah nu diboyong ku Banten. Dina ieu serang katingal pisan jiwa patriotsme sareng taktik bertempur Wira Tanu I senapati ing ngalaga. Ku Senapati Wira Tanu I timbang taliti sareng asak pisan ngeunaan untung rugina, lajeng anheuna nganggo taktik meupeh-mabur hal ieu dianggo kumargi jumlah wadya balad Cianjur langkung alit tinimbang Banten, wadya balad Cianjur aya 400 urang, kitu oge upami dimobilisasi sadaya (katut awewe, orok, jeung nini-nini), jumlah nu jauh benten pisan. Lajeng maranehna nu ti Nagri Cianjur jeung Cikundul dipingpin langsung ku Wira Tanu I ngalawan urang Banten, sarta sanggeus urang Banten leungiten dua urang hulubalangna kapaksa urang Banten ieu kabur nyokot jalan mimiti ngaliwatan Tanjoulang (Cijulang) balik deui ka Banten sabab sieun diudag ku Wira Tanu I. Dina buktos ieu tetela sakumaha wawanen Wira Tanu I nu geus wani ngarebut deui boyongan sareng ghonimah ti pihak musuh, kalawan musuh mabur.
Didieu sim abdi bingung kunaon sami Sunda jeung Islam tiasa paketrok ?, hal ieu ngingetkeun kana kajadian runtagna Padjajaran ku Banten. Kantos janten bahan perdebatan di milis ieu ngenaan runtagna Padjajaran ku Banten, sim abdi kantos nanggapi mung 1 kali kumargi harita ego pribadi tos muncul, sanes ngagunakeun akal sehat janten teu aya guna upami neraskeun diskusi. Aya anggota milist nu satuju aya oge anu heunteu dupi alesannana :
Anu Satuju, kumargi ieu dina nanjerkeun Islam (jihad), kumargi Padjajaran the najan dulur nanging agamana masih Hindu.
Anu Teu Satuju, kumargi najan kumaha Padjajaran the masih luluhur urang Sunda kaasup Banten jeung Cirebon.
Aya prakiraan kunaon Banten ngaruntagkeun Padjajaran :
Kanggo nyebarkeun agama Islam di Pasundan
Raja Padjajaran keur mangsa harita geus teu bener dina ngajalankeun kakuasaanana saperti mabok, maen awewe, judi, nindes rahayat.
Motivasi pulitik ti Banten, kumargi Padjajaran najan geus ditinggal lila ku Maharaja Ing Pasundan Sri Baduga Prabu Siliwangi, sareng seueur daerah nu dicaplok ku Cirebon atanapi Banten, tetep hiji karajaan nu kuat di Pasundan tangtuna ieu nu nyieun sieun pihak Banten.
Ayana pihak gegeden (pejabat) Padjajaran nu nyeri hate ka Raja.
Upami maca sajarah Sumedang, nalika Padjajaran bade runtuh, Kandaga Lante ti Padjajaran (senapati ?), ngintun mahkota Binokasih ka Prabu Geusan Ulum hal ieu nandakeun yen Sumedang the penerus Padjajaran. Padahal Sumedang keur mangsa harita geus Islam, kitu deui Kandage Lante (Jaya Prakosa) Padjajaran. Ningali ieu buktos, tiasa janten di lingkungan rahayat tur karaton Padjajaran tos seeur nu ngagem Islam.
Punten sim abdi kaluar jalur bade nerangkeun perkawis runtagna Padjajaran, sim abdi langkung condong runtagna Padjajaran the ku point no 4 di luhur kumargi dumasar kana versi sajarah nu dicutat dina babad Banten kieu :
“Mangsa aya gulang-galang Padjajaran anu ngarasa nyeri hate, teras biluk ka Banten, wastana Ki Jungju sareng adina Ki Jongjo. Ki Jungju ngadeheus ka Sultan Banten nerangkeun sanggem narajang dayeuh Padjajaran asal dibahanan ku ratusan prajurit nu tumpak kuda sareng manehna hulubalangna. Wanci tengah wengi Ki Jungju sareng prajurit lebet ka jero benteng kumargi anjeuna urang jero tos apal kana kaayaan eta tempat, perang rongkah pisan, urang Padjajaran bobor karahayuan.
“Sampuning palastra nanging warnaen ika, ratu oakuan ini apan sami sayaga, lan para ponggawa, yen ana musuh prapti geger wong pakuan tan karuhan idepnya polahe wus borak barik. Adan kocapa mangke wus tengah wengi iyata ki jungju adan manjing jeroning kuta wayahe tengah wengi, geger wong jero kuta, tan koningan lebatnya ki jungju kuwat ngamuki sarewangina wong ngatusan ngoeni. Ramening prang gusraken tunjang tinunjang angrebut anak rabi ingkang gasik ngalas kang katut tan pejah. Kocapa ratu nita neki Sang Seda lan Pucuk Umum malih.
Prabu Seda anglengleng lan kakleng ika sami musna tan kikas yen ujaro ika ingaran ngahyang ilang wa kakawarni. Kocapa bala ing sakatahe kang kari lan kinen amandang kalimah kalih sahadat saweneh karsa pribadi mangke kaswna panembahan nireki. Panembahan lungguh ing pakuan”
Hartosna kieu :
Saparantos sayaga rupi rupi ratu pakuan oge sami sayaga sareng para ponggawa yen aya musuh tarapti gegger urang pakuan teu kantenan pikiranan polahna geus kaweur lajeng kakocapkeun engke parantos tengah wengi nyaeta ki jungju teras lebet ka jero kuta wayahna tengah wengi gehger jalmi jero kuta, ki jungu ngamuk. Ramena perang tanding silih sedek ngarebut anak pamajikan. Enggal ka leweung di bawa pisah.
Kocapkeun raja sareng prameswari Prabu Sada sareng Pucuk Umum deuih. Prabu Seda kalintang ewedna, nya kitu deui nu kadeuheus ka anjeuna. Nanging teu lami aranjeuna sami musna tanpa aya tilasna bejana kasebut ngahiang leungit teu katingali. Kocapkeun balarea anu kantun ngucapkeun dua kalimah sahadat kalayan kahayang pribadi sanes pamaksa penembahan. Panembahan lami calik di Pakuan.
Sumedang kantos oge diserang ku Banten nalika ngajalankeun shalat Idul Fitri dina dinten Jum’ah, kumargi kitu dugi ayeuna di Sumedang aya Sasakala upami aya lebaran dina dinten jum’ah sok aya upacara tertentu.
Mung aya heran nyaeta Pakuan the tos diruntagkeun ku Banten nanging Pakuan (Bogor) teu lebet kana kasultanan Banten hal ieu dibuktoskeun yen 100 taun langkung sabada Padjajaran runtag Pakuan janten leuweung teu aya pendudukna dumasar laporan ti salah saurang Walanda nu nalungtik Padjajaran taun 1600-an. Kadua di Bogor teu aya paninggalan ti kasultanan Banten. Jakarta tilas bagean kasultanan Banten rea pisan titingalna boh masjid atanapi makam, sapertos di Jatinegara Kaum, Tb Angke, Mangga dua, jrrd. Panginten Bogor teu lebet kasultanan banten kanggo kahormatan ti Sultan Banten ka karuhun nu di Pakuan.
Bogor nembe dibuka deui nalika turunan sumedang nyaeta Ngabehi Tanu Wijaya anu pernahna di Kampung Baru kitu oge turunan Cikundul ngiring ngabuka Bogor (Sukaraja). Janten urang Bogor nu ayeuna aya nempatan eta wilayah panginten sanes asli ? (panginten)
Balik deui kana sajarah Cianjur di luhur disebat yen Wira Tanu I katingal pisan gede wawanen tur ahli perang. Saparantos ieu kajantenan cianjur aman teu aya gangguan naon-naon ti musuh sareng Wira Tanu I mulih ka Cianjur ngabimbing pasantren tur janten kasepuhan dugi ka tilar dunyana, sementawis pamarentahan dipasrahkeun ka putrana nyaeta Wiramenggala nu gaduh gelar Wira Tanu II.
Rd Wira Tanu I pupus antawis taun 1681-1691, anapon anjeuna gaduh putra nyaeta :
Rd Suryakecana di gunung gede (ti bangsa jin)
Rd Endang Sukaesih di gunung ciremai (ti bangsa jin)
Rd Andaka Wirusajagat di gunung kumbang (ti bangsa jin)
Rd Aria Wiramanggala (Wiratanu II), dalem Tarekolot di pamoyanan
Rd Aria Martayuda di sarampad
Rd Aria Tirta di Karawang
Rd Aria Natadimenggala (Aria Kidul) di Pasir hayam
Rd Wiradimenggala (Aria Cikondang) di Cibeber
Rd Aria Suradiwangsa di Panembong
Nyi Mas Kaluntar di dukuh caringin
Nyi Mas Karangan di bayabang
Nyi Mas Bogem teu aya nu terang
Nyi Mas Kara teu aya nu terang
Nyi Mas Jenggot teu aya nu terang

Kasenian Kuda Kosong
Masjid Agung Cianjur



TUGU TILU PILAR CIANJUR
( Ngaos, Mamaos, Maenpo )
Seni Mamaos Cianjuran
Beas Asli Cianjur
Tauco Cianjur


Tauco Asli


                                                                 Hayam Pelung Khas Cianjur



Sumber panulisan ieu tina :
SAJARAH CIANJUR SARENG RD ARIA WIRA TANU, Drs Bayu Surianingrat, 1982

SEJARAH KANJENG DALEM CIKUNDUL, Yayasan Wargi Cikundul, 1995

1 komentar: