Selasa, 24 Juli 2012


Ngabuburit
Jaman Baheula jeung Mangsa Kiwari




Sanggeus nungguan sabelas bulan lilana, urang papanggih deui jeung Rhamadan. Di bulan istimewa ieu urang diajak ngasah kaimanan sarta kesabaran kalayan ngosongkeun beuteung alias puasa. Loba hal anu bisa ku urang di pigawé pikeun ngeusianana. Tah, biasana dina jam anu pangaktipna di poé-poé puasa éta pasosoré nyanghareupan magrib,  Lamun ceuk Urang Sunda ngabuburit anu hartina nungguan burit atawa soré nyanghareupan peuting. Lamun nurutkeun kamus umum Basa Sunda susunan Tim LBSS, ngabuburit hartosna “ngalantung ngadagoan burit, biasana pasosore bulan puasa, ari datang deui geus wayah buka”. Pikeun ngeusian kagiatan ngabuburit ieu saban jelema boga pilihanana séwang-séwangan. Urang Sunda ngalakonan aktivitas ngabuburit ieu saprak jaman buhun? Tapi, pastina beda ayeuna mah  kagiatanana. Ngabuburit jaman baheula jeung mangsa kiwari  anu dipigawé sabenerna aya kemiripan ti sisi aktivitas dumasar kana perkembangan jaman.





Mapay Jalan vs Jalan-jalan di Mall : Ngabuburit jaman baheula sarua jeung jalan-jalan kamana wé..sakarépna, aya nu ngan mapay-mapay trotoar, ngajugjug alun-alun, nongkrong di Alun-alun bari nunggu waktu buka puasa nu sok ditandaan ku sora meriam, taman-taman kota atawa ngan saukur leumpang sakadaek, dimana manggih balong atawa walungan terus marandi. Kiwari, barudak ayeuna mah leuwih résép jalan-jalan ka mall tibatan jalan-jalan ngajugjug taman (keur mah taman-taman mangsa kiwari mah saeutik tur arang deuih). Nongkrong di Kafe atawa restoran nunggu buka puasa bari ngobrol ngaler ngidul,   istilahna mah buka bareng.




Kaulinan Tradisional vs Game Online : Congklak, gasing(pangal), tali karet, bebedilan tina dahan cau atawa egrang. Baheula kaulinan nu kitu nu dipikarésép ku barudak dina kaulinan sapopoé jeung keur ngabuburit di bulan puasa. Kiwari, tingali warnet-warnet atawa game centre, jaman kiwari jigana leuwih populer tibatan kaulinan tradisional. Baheula keur budak keneh kaulinan nu dipikaresep teh bebedilan. Tapi lamun jaman kiwari mah jigana game on-line leuwih dipikawanoh.




Bédil Lodong vs Pétasan : Lodong ieu kawas mériam, ngan dijieun tina awi dieusian minyak tanah atawa karbit tuluy disundut sorana tarik ngajelegur,  gumantung kana gede leutikna bahan awi nu dipakena. Jaman baheula lodong dipaenkeun keur ngabuburit atawa rengse saur. Kiwari, jigana geus jarang manggihan lodong geus diganti ku pepetasan (sanajan dilarang oge, tetep we aya boh nu ngajual atawa nu meuli).



Di luar imah vs Di jero imah : Ngabuburit biasana mangrupa kagiatan di luar rohangan atawa di luar imah. Bédug magrib ditungguan bari ngalakukeun kagiatan di luar imah.  Kiwari, kagiatan keur ngabuburit aya nu leuwih trend nyaeta on-line di internet. Loba nu bisa dilakukeun di internet, browsing, blogging, chating jeung sajabana.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar