Kamis, 23 Februari 2012



Naskah Biantara Sunda : SDSN Dewi Sartika


URANG SUNDA KUDU NGAROJONG KANA ATIKAN
PIKEUN SUKSESNA KAWAJIBAN DIAJAR 12 TAUN

Assalamu’alaikum Warrahmatullahi Wabarrakatuh

Sampurasun…..

Panata Calagara miwah Girang Pangajen anu ku simkuring di pihormat, ibu kalih bapa guru nu sami rawuh di ieu tempat, teu kakantun réréncangan sadaya anu ku simkuring di pitresna.
Bismillah wiwitan kedalna lisan kairing ku rasa sukur ka Alloh SWT nu Maha Ghopur tur mihéman, ngancikeun cahaya iman tina galeuh sanubari, mugi sing ulah poék deui, komo kudu luncat mulang tali gadang, sing kukuh tur pengkuh teu unggut kalinduan teu gédag kaanginan.
Sholawat salam nu jadi panguat rasa tilam katresna, mugi  tetep dilélérkeun ka kanjeng nabi Muhammad SAW, miwah kulawargana, sohabatna tug dugi ka umatna nu tumut turut kana ajaranana.


Dina kasempetan pasanggiri biantara iyeu simkuring 
badé ngabantun judul
“Urang Sunda Kudu Ngarojong Kana Atikan, Pikeun Suksésna Kawajiban di Ajar 12 Tahun”.

Panata Calagara miwah Girang Pangajen nu ku simkuring di pihormat,
Masalah atikan mangrupikeun, salah sawios kawajiban kanggé urang sadayana, milari élmu téh dianjurkeun ku agama boh kupamaréntah, sabab ku ayana atikan manusa tiasa undak darajatna dibandingkeun jeung manusa nu teu ngagaduhan atikan. Sakumaha pitutur sepuh “jalmi nu gaduh élmumah calikna pangpayunna, lohokna pang panjangna iketna pangrubakna”. Komo panginteun di jaman globalisasi iyeu,

Panata Calagara miwah Girang Pangajen nu ku simkuring di pihormat,
Jawa Barat nu di sebat Pasundan sabagian ageungna urang sunda parantos ti beh dituna kénéh wanoh kana atikan, sateuacan UNICEF. Dina kamandangna “long life education” nuntut élmu téh sapanjang hirup, sepuh - sepuh urang tos ngawanti-wanti supados seuweu-siwina teu jaranteun jalmi bodo, sateuacan aya program kawajiban diajar 9 tahun ayeuna rek diundakeun jadi 12 tahun. Luluhur sunda tos ngagaduhan kamandang ngeunaan filosopis dina atikan boh dina wanda kawih, sisindiran, paribasa atawa babasan.
Dina rumpaka kawih anu kieu unggelna:

Néléngnéngkung Néléngnéngkung
Geura gedé geura jangkung
Geura sakola sing julung
Sangkan jadi jelma luhung
Néléngnéngkung Néléngnéngkung
Geura gede geura jangkung
Mun hidep pareng geus luhung
Poma ulah rek adigung

Filosopis dina wanda kawih diluhur écésna jéntré, urang sadaya kudu sakola nyuprih élmu, bari jeung lamun parantos gaduh élmu teu adigung adiguna.
Dina rumpaka sisindiran anu kieu unggelna

Aya manuk dina pager
Na sukuna aya bola
Lamun urang haaing pinter
Kudu getol kasakola

Baju kutud heureut pola
Dikelin teu dijalujur
Lamun teu cucud ka sakola
Arisin balik kalembur

Sihoreng mun urang hoyong pinter teh kudu getol kasakola sabalikna mun urang teu junun kasakola bakal isin balik kaleumbur.

Panata Calagara miwah Girang Pangajen nu ku simkuring di pihormat, Bapa kalih Ibu anu sami rawuh di ieu tempat, ogé réréncangan saperjoangan nu ku simkuring dipikatresna,
Agama urang agama islam ngajarkeun umatna pikeun nyupri élmu dina salah sawios hadits kanjeng rasul nu Hartosna “Nyuprih élmu téh wajib pikeun muslimin jeung muslimat ti kawit na kandungan dugi ka alam kubur”.

Ditegaskeun deui ku sepuh pini sepuh urang sadaya dina babasan
“elmu tungtut dunya siar, sukan-sukan sakadarna”.

Filosofis nu nyangkaruk dina babasan diluhur, urang sadaya sanés mung ukur nyuprih élmu wungkul, tapi biayana gé kudu disiar, mun pareng geus linuhung ku élmu kudu siger tengah.
Kumargi kitu hayu urang sukséskeun Wajar Dikdas 12 Taun, rarojong program pamaréntah supaya sadaya janten murangkalih anu pinter bari jeung bener, cageur bari jeung sing singer. Mun cageur, bageur, bener, pinter, tur singer insya allah moal kabalinger.


  
  Sing getol nginum jajamu
Nu guna nguatkeun urat
Sing getol neangan élmu
Nu guna dunya akhérat

Bobo sapanon carang sapakan, hapunteun samudaya kalepatan
Cag, wassalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh


                                          

                                                                                                Naskah Ku : M. Indra Yuliansyah











Tidak ada komentar:

Posting Komentar