Selasa, 21 Februari 2012

“SASAKALA BATU KARANGKENG DI CURUG KACAPI”

Naskah Dongeng SDSN Dewi Sartika, Dina Raraga Porseni taun 2012










“SASAKALA BATU KARANGKENG DI CURUG KACAPI”








Assalamua’laikum Wr. Wb.

Sampurasun…!!!!
Daramang dulur – dulur,,,,,,,????!!!!!!!!!!!!

Dina kasempetan iyeu, simkuring bade nyaritakeun hiji dongeng nu judul na
“SASAKALA BATU KARANGKENG DI CURUG KACAPI”
Curug Kacapi nyaeta salah sawios curug nu aya di palih kulon wewengkon desa cipanas.
Kantos ninggal teu curug na?????
Oh..muhun da eta curug the rada nyumput, sareung kariung ku kebon awi,
Kieu tah dongeng na teh.
Jaman kapungkur teh aya saurang santri nu mondok nyantri di salah sawios pasantren di wewengkon cipanas kulon. Eta pamuda the yatim piatu, da di pasantren eta the anjeuna the di asuh ku ajeungan di eta pasantren. Malah mah si santri eta the ti orok pisan saur na the di asuh ku ajeungan ti eta pasantren the, nya tangtu we si santri eta the can kantos ninggal sinareung  apal saha jeung di mana kolot asli na ayeuna, meren mun tos maraot tea mah anjeuna hoyongeun apal dimana di kurebkeuna supados tiasa jiarah.
kantos salah sawios waktos si Santri naros ka Ajeungan nu ku maneh na di anggap kolot,
“Mama,, (sesebat kanggo ajeungan nu di kolot keun ku si Acep eta)
“Kulan Acep” Tembal Mama kiai
“Weungi the abdi ngimpen papendak sareung ibu rama abdi, masing teu jelas ge rurupaana sareng teu apal ge tapi sim abdi mah yakin yen eta the ibu rama abdi. (Saur si Acep eta)
“Nya sok Cep, naon nu tiasa Mama kiai bantos ayeuna?” (Tembal Mama kiai )
“Abdi the hoyong apal, saha ari ibu rama abdi the, upami aya keneh panginten sim abdi hoyong di tepangkeun, upami tos teu ayamah nya abdi hoyong apal dimana di kurebkeunna? (Tanya si Acep)
“uih deui ka impenan ujang nu weungi, kinteun - kinteuna dimana eta tempat nu di impen keun ku Acep pas Acep tepang sareung ibu rama Acep the? ( taros mama kiai).
“kirang jeulas mama, da nu kakuping dina impenan the aya sora gimicrik cai curug sareung hiliwir na sora dangdaunan tangkal awi.
“nya sok kieu ayeuna mah Cep, enjing bada lohor hideup leumpang ka palih kulon ngaliwatan lamping, tuluy leumpang tuturkeun arah panonpoe ti teuleum.”
 sateacana di piwarang angkat dina eta patempatan eta si Acep the di jampe  jeung di titipan pusaka ku Mama kiai, kanggo jagi - jagi bilih aya nanaon nu ngahadang dina jangjalaneun si Acep saur Mama teh.

Ka isukan poe na bada netepan lohor si Acep angkat pamit ka mama kiai,, tuluy leumpang ka Beulah kulon, ngaliwatan lamping nu baheula mah eta lamping the kareeung keneh, kulantaran pinuh keneh ku tatangkalan gede, nya pasti we pinuh ku sasatoan nu matak pibahayaeun meren, jeung malah mah saur masarakat nu aya di deket eta lamping the cenah mah eta lamping the sok di jadi tempat ngumpulna sajenis lelembutan,

Tuluy si Acep the leumpang ka tengah tengah leuweung, neupi ka maneh na manggih hiji tempat nu pinuh ku tangkal awi, bari ti jauh keneh tos ka dangu sora ngaggoar curug,
“Sugan iyeu nya pateumpatan nu aya dina impenan kuring the”  ceuk si Acep bari nga dauh dina hate na, pas lengkah na  nincak ka riungan eta kebon awi the brug…!!! Sora ngageubruk nu tarik pisan, jiga aya batu nu murag hareupeun suku na pisan, ti dinya si Acep muringkak bulu kunduk na,
“HEY…!!!! SAHA ETA NU WANI NGALENGKAH ASUP KA TEMPAT KAKUASAAN KURING”
Si Acep eta the reuwas,, pas ningali ka tukangeunana geuninganan eta the sora buta nu ngahuni eta tempat, si Acep reuwas, bari tuluy lumpat jeung babacaan ka arah curug nu teu jauh ti dinya,
Bari ngarenghab cape di gigireun curug eta si Acep nginum heula eta cai curug the, bari ngaleungitkeun cape na…
REK LUMPAT KAMANA SIAH….!!!
KA UDAG KU AING SIA REK LUMPAT KAMANA WAE GE…!!
DI HAKAN SIA KU AING, GEUS LILA AING TEU NGAHAKAN DAGING JELEMA..!!
Ceuk si buta eta the…!!
Bari jeung pasrah eta si Acep teh nu cape kulantaran geus teu sanggup lumpat ngawanikeun nyarita ka eta buta
“pek tah maneh bisa ngahakan awak kuring, ngan kuring ngahaja datang ka dieuteh rek neangan kolot kuring, lain rek ngaganggu salira”
 “EWEH JALEMA NU HIRUP DI DIEU….!!! (tembal si Buta)
“Kuring di titah kadieu ku guru kuring, cenah kuring bisa manggihan kolot kuring di dieu,”
 “HAHAHA….!!! JADI SILAING THE BUDAK KA DUA JALMA ETA??
BAHEULA GE AYA 2 JALMA AWEWE JEUNG LALAKI NU BAU NA SARUA JEUNG MANEH,  MARANEHNA KASARUNG PAS NAREANGAN SULUH DI IYEU LEUWEUNG. KULANTARAN ETA JALEMA THE WANI NINCAK TEMPAT KURING, KU KURING DI HAKAN ETA JALMA THE….!!” (Sora si Buta bari ngagakgak)
“Jadi maneh nu ngahakan kolot kuring..!!” (Tembal si santri bari rasa ka ambek nu muncak ngadangu kolot na nu paeh di hakan ku eta Buta)
“AYEUNA GE GILIRAN SIA NU DI HAKAN KU AING…!!!” (Ceuk Si Buta)
“Sok sia wani ngelehkeun aing mah…!”, ceuk si Acep nu ujug ujug aya rasa ka wani kulantaran ambek ngadangu kolotna di hakan ku eta buta..
Pas si buta rek newak pisan awak si eta santri, si santri ngaluarkeun pusaka nu di titipkeun ku mama kiai, di tepak keun kana taneuh, tuluy ujug2 eta babatuan nu aya di sabundeureun curug the the ngarangkeng leungeun  jeung suku  si eta buta. Eta buta ngagoak bari kareuwasan ku sabab ka karangkeng dina eta batu nu ngabentuk guha nu tuluy ka kucrukan ku cai curug. Si santri tuluy tunduk bari tuluy nyicikeun cimata nu ngeclak saparantos manehna ngadangu ibu rama na geus maot di hakan ku eta buta, bari ngalengkah mulang, si Acep manggih 2 tangkal kacapi nu aya dina luhur eta curug, meren kusabab ti dinya aya tangkal kacapina si Acep nyebatna eta the curug kacapi
Si Acep tuluy balik ka kobong na, nyaritakeun pangalamana ka Mama kiai, nepika santri-santri di pasantren si ajeungan eta the apaleun carita si Acep, nu tuluy rame ka caritakeun di dinya the aya curug nu ka tutup ku batu nu nga guha…
Tah dugi ayeuna ge eta batu nu ngaguha the aya keneh, bari tuluy ka ceretan ku cai curug di dinya,
Aya nu kantos ninggal teu curug na????
Tah,,, cenah mah nyak, ceuk nu ngarebon didinya, sora ngagoak eta buta the sok kadangu keneh dugi ka kiwari, duka leres, atanapi heunteu eta the, da nami na ge dongeng nya iyeu mah, da ari dongeng mah dimana manage pamohalan,

Bade leres atanapi heunteu, nu puguh mah asal aya we panginteun piwuruh nu aya dina eta dongeng the,
Meureun salah sawios piwuruhna mah urang teh tong sok mohokeun ka kolot sorangan, masing can pernah panggih ti budak ge da nungarana kolot mah tetep kolot, moal aya urut na. Komo nu dugi ayeuna araya keneh ibu rama na mah. sok, da urang teh ari tunduk mah ulah ka gunung, anging kudu ka indung nu jadi tunggul rahayu, sinareung ari muja mah ulah ka sagara, anging kedah ka bapa nu janteun tangkal darajat.
Leures teu dulur - dulur?
Cag ah….
Wassalamua’laikum Wr. Wb.

  Naskah ku : M. Indra Yuliansyah













Tidak ada komentar:

Posting Komentar