Rabu, 03 Oktober 2012

CARITA PONDOK



Carita pondok
Carita pondok atawa mindeng disingkat minangka carpon nyaéta hiji wangun prosa naratif fiktif. Carita pondok condong munel sarta langsung dina tujuanana dibandingkeun karya-karya fiksi anu leuwih panjang, kawas novella (dina pengertian modern) sarta novel. Alatan singgetna, carita-carita pondok hasil ngandelkeun téknik-téknik sastra kawas inohongplottémabasa sarta insightsacara leuwih lega dibandingkeun jeung fiksi anu leuwih panjang. Caritana bisa mangrupa sagala rupa jenis.
Carita pondok asalna tina anekdot, hiji kaayaan anu digambarkan singget anu kalawan gancang anjog kana tujuanana, paralel jeung talari carita lisan. Kalawan mecenghulna novel anu realistis, carita pondok mekar minangka hiji miniatur, contona dina carita-carita karya E.T.A. Hoffmann sarta Anton Chekhov

Sajarah

Asal-usul

Carita pondok asal-muasalna mah tina talari carita lisan anu ngahasilkeun carita-carita kawentar kayaning Iliad sarta Odyssey karya Homer. Carita-carita eta ditepikeun dina wangun puisi anu mibanda wirahma, kalayan wirahma anu mibanda fungsi minangka pakakas pikeun nulungan jalma pikeun nginget caritana. Bagian-bagian singget tina ieu carita teh, dipuseurkeun kana naratif-naratif individu anu bisa ditepikeun dina hiji kasempetan pondok. Sakabéh caritana kakara katémbong saupama sakabéh bagean caritana geus ditepikeun.