Carita
Pantun Ngahiangna Pajajaran
Pun,
sapun kula jurungkeun
Mukakeun turub mandepun
Nyampeur nu dihandeuleumkeun
Teundeun poho nu baréto
Nu mangkuk di saung butut
Ukireun dina lalangit
Tataheun di jero iga!
Mukakeun turub mandepun
Nyampeur nu dihandeuleumkeun
Teundeun poho nu baréto
Nu mangkuk di saung butut
Ukireun dina lalangit
Tataheun di jero iga!
Saur
Prabu Siliwangi ka balad Pajajaran anu milu mundur dina sateuacana ngahiang :
“Lalakon urang ngan nepi ka poé ieu, najan dia kabéhan ka ngaing pada satia!
Tapi ngaing henteu meunang mawa dia pipilueun, ngilu hirup jadi balangsak,
ngilu rudin bari lapar. Dia mudu marilih, pikeun hirup ka hareupna, supaya
engké jagana, jembar senang sugih mukti, bisa ngadegkeun deui Pajajaran! Lain
Pajajaran nu kiwari, tapi Pajajaran anu anyar, nu ngadegna digeuingkeun ku obah
jaman! Pilih! ngaing moal ngahalang-halang. Sabab pikeun ngaing, hanteu pantes
jadi Raja, anu somah sakabéhna, lapar baé jeung balangsak.”