Rd
Jayasasana (Wiratanu I),
Bopati
Cianjur ka I
Putra cikal Aria
Wangsa Goparana jenenganana Rd Jayasasana, ti anom na keneh anjeuna damelna
mung ngulik agama sareng tatapa. Patilasan tapana dugi ayeuna aya keneh, di
antawisna di pasir Sagalaherang sareng guha Citarum.
Numutkeun carios
(wallahu’alam), sareng kapercayaan nu aya keneh khususna di kalangan rundayan
seuweu seuwi Wira Tanu (Datar) waktos anjeuna tapa kasumpingan jin Islam
mangrupi istri geulis kawanti-wanti. Ieu jin kantos ditikah kalayan kagungan
putra 3 nyaeta:
1.Aria Suryakencana
2. Indang Sukaesih
3. Andaka Wirusajagat
1.Aria Suryakencana
2. Indang Sukaesih
3. Andaka Wirusajagat

Nuju aralit keneh ieu
palaputra sok dieyong diayun dina sinjang ngarah enggal kulem. Hiji mangsa nuju
dieyong leungit, sanggem carios dicandak ibuna Aria Suryakencana dicandak ka
Gunung Gede, Indang Sukaesih ka Gunung Ciremai, Andaka Wirusajagat di Gunung
Kumbang.
Dugi ayeuna wartosna turunan cikundul aya pantrangan teu kenging
diayun dina sinjang. Sareng upami aya kagungan hajat pepestaan ria (ulang taun
kota Cianjur) sok nganggo iring-iringan disayagian kuda kosong lengkep
panganggo sela sareng dipayunan sakumaha biasana kanggo dalem. Kuda sok ngoprot
kesangan leumpangna kawas nu ripuh pisan, numutkeun carios eta kasumpingan
Suryakencana.Saparantos janten Dalem Raden Jayasasan the ngango gelar Aria Wira Tanu heunteu nganggo Datar upami nu nganggo Datar mah Wiratanu IV.